Senin, 08 April 2013

BEUNGHARNA BUDAYA MAJALENGKA



Ass. Wr. Wb.
Alhamdulillah Wassukru ala niamilah. Wassolatu Wassalam ala Rosulillah. Wa Ala Alihi Wa Sohbihi Wa maw walah amma ba’du
Girang pangajeng anu ku sim kuring dipihormat, Bapa miwah ibu guru anu ku sim kuring dipihormat, rerencangan sadaya anu ku sim kuring dipikameumeut.
Langkung tipayun mangga urang panjatkeun puja sinareng puji ka dzat Illahi Robbi, anu parantos nakdirkeun urang sadaya, tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu kasempatan anu sakieu mulyana. Mudah-mudahan Allah SWT tetep masihkeun pitulung sareng taufik-Na ka urang sadaya, dugi ka urang tiasa nyuprih hikmah, padilah sinareng manfaat, tina ieu acara sareng pamaksadan. Hadirin anu mulya, Allah parantos ngagelarkeun makhlukna, tegesna umat manusa, kalayan rupi-rupi ras, bangsa, suku, sinareng golongan. Masing-masing ras, bangsa, sareng suku teh aya dipirang-pirang tempat sareng wilayah anu benten, ngagaduhan adat, budaya, bahasa sareng kabiasaan sewang-sewangan. Didawuhkeun dina kitab-Na, sadaya eta teh sangkan tiap-tiap bangsa, ras sareng suku teh silih kenal, silih hormat, jeung silih ajenan.
Litaarofu, kitu didawuhkeun dina Al-Qur’an!
Hadirin anu mulya, budaya anu tumuwuh di masing-masing bangsa sareng suku bangsa teh ngajenggelek jeung ngawujudna nyaeta dina basa, kasenian, pakean sareng adat kebiasaan sanesna. Sajaba ti eta, aya budaya anu langkung linuhung nyaeta budaya anu ngajenggelek dina wujud elmu pangaweruh, teknologi sareng anu sanesna.
Urang sadaya salaku warga hiji suku bangsa, nyaeta suku sunda kab. Majalengka, kawaris ku para karuhun, hiji budaya nyaeta budaya Sunda. Kakoncara budaya anu linuhung, anu rembeuy ku seni anu luhur ajenna, waditra anu dipikawanoh ku sakumna jalma saperti seni Gaok, Sampyong, Sintren, seni kuda renggong, seni Gembyung, sareng sajabina. Seni tari anu kakocap ka manca nagara sapertos seni seni tari topeng klasik, sareng Tarling. Ieu mangrupakeun salah sahiji kabanggaan keur urang balarea salaku urang asli Majalengka.
Salian ti budaya seni anu tos di sebatkeun nembe, Majalengka oge ngagaduhan ciri khas budaya tina perkawis anggoan, nyaeta anggoan batik. Batik mangrupakeun anggoan nasional pikeun bangsa Indonesia anu tos diakui ku dunia. Tiap tiap daerah di Indonesia ti mimiti Sabang dugi ka Merauke eta ngagaduhan motif khas daerahna masing-masing anu ngagambarkeun ciri khas eta daerah. Kitu oge sareng daerah urang ieu sadaya nyaeta kab. Majalengka anu ku urang sadaya di pikameumeut, ngagaduhan motif batik anu ngalambangkeun ciri khas daerah urang ieu, sapertos ;
1.      Motif “Kota Angin” motif kota angin dikawitan tina julukan “ Majalengka Kota Angin “.
2.      Motif  “Simbar kencana” Mangrupakeun motif anu ngagambarkeun carita rakyat Majalengka, anu tepatna mah ti kecamatan Talaga atanapi anu kapungkurmah di wanoh ku urang balarea mangrupakeun kerajaan Talaga.
3.      Motif “ Lauk Ngibing” nyirikeun masyarakat Majalengka anu reseup ngingu lauk dina balong.
4.      Motif “ Nyai Rambut kasih “ mangrupakeun gambaran tina salah sahiji inihong (tokoh) carita rakyat sajarah kota Majalengka.
5.      Hiji dei nyaeta motif “ Gedong Gincu “  motif gedong gincu dicandak kulantaran kubakat seeurna tanggkal buah gedong gincu anu aya ampir ditiap buruan imah nu aya di majalengka. Eta sababna gedong gincu dicandak janten salah sahiji motif batik anu nyirikeun kota majalengka jeng sabudeureunna.
Hadirin anu mulya, nya kawajiban urang sadaya ayeuna, nyaeta ngamumule, miara, ngajaga ngariksa sakumaha budaya warisan karuhun tea. Patarosanana kumaha carana urang ngajaga sinareng ngariksa budaya urang sunda ?.
Pamendak sim kuring mah, kahiji urang sadaya sing rajin diajar, khususna tina rupi-rupi materi anu aya patalina sareng budaya sunda khususna budaya Majalengka. Urang sing wanoh, sing kenal kana budaya sunda. Kadua, urang sing heman, sing nyaah kana budaya urang, kana basa sunda umpamana, urang kudu rancingeus bisi aya batur anu ngaruksak kana basa sunda, anu nyarita ku basa sunda tapi teu puguh alang ujurna, sunda lain malayu lain. Urangna sorangan deuih ulah mirucaan nyarita basa sunda bari teu kantenan undak usukna. Pon kitu deui kana kasenian asli sunda, aya paribasa jati kasilih ku junti. Degung, kawih kahihilapkeun da moho teuing kana dangdut elektunan
Mudah-mudahan, ti ayeuna kapayun aya kereteg dina manah urang sadaya, hoyong ngamumule, ngajaga sinareng ngariksa budaya sunda khususna budaya Majalengka, budaya urang sadaya, Amiin.
Sakitu anu ka sanggakeun pamungkas pihatur, agung cukup lumur jembar pangampura, tina sadaya kakirangan sareng kalepatan.
Wabillahi Taufik Wal Hidayah
Wassalamu’alaikum Warahmatullahi Wabarakatuh

(oleh ; Mohamad Topan)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar